Depan Merintis Kegiatan Karangtengah Gowes Sehat

Merintis Kegiatan Karangtengah Gowes Sehat

Assalamualaikum WrWb

Sampurasun Wargi Desa Karangtengah dimana bae  ayana, mudah-mudahan urang sadaya senantiasa aya dina kaayaan sehat wa afiat jagjag waringkas tiasa nyumponan kawajiban urang ibadah ka gusti nu maha suci Allah SWT. Aamiin

dina raraga kegiatan kesehatan jasmani ieu, simkuring saparakanca pamong desa karangtengah nyobi ngarintis kagiatan anu insyalah aya mangfaat kanggo kasehatan, nyaeta kagiatan Gowes Sehat, anu dimana gowes sehat ieu mangrupi kagiatan sasapedahan/ngagowes ngideran mapayan jalan-jalan anu aya di seputaran wilayah kecamatan maleber.
samentawis ieu kagiatan ngagowes di inisiasi ku pamong desa, nyaeta juru tulis, ngabihi, kaur umum, kadus manis sareng kaur perencanaan. mangga biih para wargi desa karangtengah anu hoyong ngiring kagiatan gowes sehat tiasa langsung sumping bae ka alun-alun desa karangtengah tabuh 4 sonten dibuka kanggo umum pikeun kasehatan urang sadayana, insya allah kagiatan ieu kagiatan anu bakal rutin diaksanakeun. mudah-mudahan allah ridho kanggo kagiatan ieu. aamiin

haturnuhun
wassalamualaikum WrWb

admin